Walikota jeung Wakil Walikota Anyar

Kota Sukabumi, ti saprak tanggal 20 Séptémber 2018 geus miboga Walikota jeung Wakil Walikota anyar. H. Achmad Fahmi jeung H. Andri Setiawan Hamami salaku pasangan calon pinilih dina kariaan Pilkada 2018 geus diistrénan di Gedung Merdeka Bandung ku Kang Ridwan Kamil salaku Gubernur Jawa Barat. Jenengna Kang Fahmi jeung Kang Andri jadi pupuhu di Kota Sukabumi tangtu baé lain dihasilkeun dina waktu anu sakedét nétra, tapi ngaliwatan hela  pasualan-pasualan anu aya patula-patalina jeung tahapan Pilkada.

Geus ilahar, anu kapilih atawa pinunjul dina Pilkada boga pancén rongkah, utamana kudu ngawujudkeun jangji politik nalika dibetuskeun waktu kampanye sababaraha bulan ka tukang. Malah, sok remen di nagara urang mah, anu ngaranna pamingpin anyar kapilih ti tingkat kota nepi ka nagara sok pada nagih ku masyarakat sangkan bener-bener ngawujudkeun naon anu dikedalkeun dina Visi jeung Misi.

Keur ngawujudkeun naon anu dikedalkeun dina Visi jeung Misi Kota Sukabumi tangtu lain pasualan gampang lamun hal ieu henteu dirojong babarengan ku gawé rancagé.  Da, anu diperlukeun ku hiji nagara, provinsi, kota, atawa kabupatén lain saukur dipulas ku catur tanpa bukur tapi ku sikep kabéh anasir dina natahar wewengkonna sorangan.

Dina méré kamandang jeung pikiran kana kaayaan Kota Sukabumi geus tangtu jalma kabagi kana rupa-rupa golongan. Aya anu hayang ngabebenah jeung merenahkeun pangwangunan fisik, aya anu boga kahayang sangkan kota ngawujud jadi kota anu beresih, aya anu mikahayang pangwangunan ékonomi diheulakeun, ogé aya anu boga kamandang pasualan ruhani jalma anu sakuduna diwangun di ieu kota. Hartina, lobana hal anu dipikahayang ku warga kota tangtu baé henteu bisa diréngsékeun dina waktu anu sakeudeung atawa samporét komo ngan saukur ku nagih jangji. Ngawangun hiji wewengkon geus tangtu merelukeun tanaga jeung pikiran warga kota.

Kang Fahmi jeung Kang Andri sok sanajan salaku pupuhu di ieu kota lain harti mangrupa dua urang jalma pang bisa sagala rupana di ieu kota. Tug nepi ka engké réngsé ngalungguhan jabatanna masih aya sababaraha hal anu can bisa dibebenah lain hartina pupuhu ieu kota mangrupa pamingpin anu teu bisa nanaon. Kusabab pasifatan-pasifatan jalma anu disebutkeun tadi tetep nerap dina diri Kang Fahmi jeung Kang Andri, urang salaku warga kota kudu bener-bener mintonkeun dua hal ogé, ngarojong nalika kawijakan bener-bener alus jeung ngélingan ku cara anu hadé nalika aya kawijakan anu teu pati karasa ku warga kota.

Hiji wewengkon moal cukup diwangun ku saha baé ogé nalika masih kénéh dieusi ku padungdengan, rarécét, komo nepi ka paraséa marebutkeun paisan kosong. Malahan aya hiji hal anu bisa disebut hadé pisan lamun sikep politis henteu minuhan teuing kahayang masing-masing golongan. Bener, walikota jeung wakil walikota mangrupa jabatan politis, tapi nalika geus jumeneng mah pasualan politis geus  waktuna kudu diécagkeun hela sangkan tujuan utama ngawangun ieu kota nepi kahontal.

Henteu kungsi nunggu kana sababaraha jam, réngsé diistrénan ku Kang Emil, Kang Fami nyerat dina Facebook, cindekna kieu: pancén ka hareup lain lumayan, henteu bisa disanghareupan ku émprak saukur ngandelkeun sabeulah leungeun, kabéh anasir boga tanggungjawab dina nguatkeun tihang papancang ieu kota sangkan ngawujud jadi kota anu bener-bener kuat dina sagala rupa hal. Kota Sukabumi kudu diwangun ku tali duduluran, lain ku megarkeun pacogrégan. Saluyu jeung naon hal anu diucapkeun ku para karuhun urang: ulah pagiri-giri calik jeung pagirang-girang tampian dina ngamajukeun hiji hal tapi kudu nyaluyukeun diri urang karék bisa jeung mampuh migawé naon?


Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – PGRI Kota Sukabumi

Informasi Lainnya

Tak ada informasi apa pun di sini.
Berlangganan